Rabu, 21 Maret 2012

Bodor Sunda


Mimpi Malam Jum'at
Category: Bobodoran Sunda
Orang Jawa dengan menggunakan bahasa sunda tetapi logatnya memakai bahasa Jawa bercerita kepada Orang Sunda tentang mimpinya di malam Jum'at.

Orang Jawa : "Mas abdi wengi ngimpen

Orang Sunda : "ngimpen naon mas?"

Orang Jawa : "Ngimpen bobo jeung nu geulis."

Orang Sunda : "Kumaha dina jero impenannana?"

Orang Jawa : "Pokona endah pisan ngan pas abdi gugah nu geulis teh hento aya, pan abdi teh kesel ah abdi teh bobo deui we."

Orang Jawa : "Eh ngimpen deui."

Orang Sunda : "Bari kerung, ngimpen naon deui mas?"

Orang Jawa : "Ngimpen gaduh acis seueur pisan. Pas abdi gugah dicabakan dina pesak calana, acisna hento aya ah abdi teh kesel bobo deui we."

Orang Jawa : "Eh abdi ngimpen deui"

Orang Sunda : "Ngimpen naon deui mas?"

Orang Jawa : "Ngimpen ee"

Orang Sunda : "Kumaha tah?"

Orang Jawa : "Pas abdi gugah, dicabak teh aya ee teh. Hahahahahahaha...."

Budak Boloho
Category: Bobodoran Sunda
Si Encep budak kelas opat SD keur gundem catur jeung bapana.

Encep : "Pa, Encep enjing bade ulangan Matematika. Pami Encep kenging peunteun 10, bapa bade masihan naon ka Encep?"
Bapa : "Bapa bade masihan duit saratus rebu..!"
Encep : "Alim ah saratus rebu mah, sarebu wae nya, Pa?"
Bapa : "Naha, Cep?"
Encep : "Saratus rebu mah cape ngetangna.."
Ngawulang Di SD
Category: Bobodoran Sunda
Aya saurang ibu-ibu tumpak angkot, tina dandanana mah siga guru SD eta teh, diuk na angkot di hareup gigireun supir. Bari ngadagoan angkotna pinuh, supir tuluy nanya ka ibu-ibu eta.
Supir : "Dupi ibu ngawulang di SD?"
Bu Guru : "Muhun"
Supir : "Ngawulang Seni...?"
Bu Guru : "Sanes"
Supir : "Agami...?"
Bu Guru : "Sanes..."
Supir : "Ngawulang naon atuh..?"
Bu Guru : "Ngawulang Bahasi....!"
Supir : "Ooo...hh..!" Ceuk supir bari nincak gas.
Maung jeung Uncal (bodor si cepot)
Category: Bobodoran Sunda
Hiji poe leuweung nu sakitu legana kaduruk nepi ka cai ge garing bakating ku panasna seuneu. sasatoan kabeh mencar kalabur kaluar, teu nyesa hiji hijieun acan.

Sanggeus kahuruan tinggal haseupna tina jeuro guha kaluar indung jeung anak maung.

"Ma..aden lapar" anak maung ka indungna

"Nya ke urang..." can ge beres nyarita, ti tukangeun kaluar oge uncal ti jeuro guha, singhoreng uncal jalu nu ngilu nyumput.

"Ma itu uncal..udag ma aden hayang daging uncal" anak maung rada ngagareuwahkeun indungna anu reuwaseun.

Indung maung teu talangke langsung luncat ngudag eta uncal.

Uncal anu leuwih leutik leuwih lincah tibatan maung, ngan satarik tarikna ge sato nu geus nahan lapar jeung hawa panas duanana beuki laun, ngan sakadang uncal gancang manggih jalan manehna lulumpatan ngaliwatan tangkal kai nu rekep, maung bati ku nafsu teu bisa newak bae beunang kadeoh, manehna muru uncal ngan..awak maung tungtungna nyelap na sela tangkal.

Kanyahoan maung teu bisa ojah, uncal nguriling balik deui. abong jalu sanajan uncal boga pikiran cabul.

"Ah..bae sagalakna maung, da ti tukang mah angger we maung bikang" uncal ngomong sorangan. geus kitumah maung teh diopi ku uncal. geus beres uncal terus lumpat deui bari heheotan..(aya kituh uncal nga heot).

Geus bisa leupas maung balik deui ka anakna.

"Ma...ma..kumaha SI UNCAL teh beunang...mana ma..aden lapar.."

Indung maung kadon jamutrut ka anakna " eh...ari maneh tong susa sisi PAPIH kituh!!!" bari ngaleos.
Terjun Make Payung
Category: Bobodoran Sunda
Kacaritakeun Solihin budak anu butut boga babaturan ngarana Ii nu kasep jeung Ginda nu super cool. Di hiji waktu barudak nu tilu eta ulin ka tempat latihan TNI angkatan udara terjun payung.

Ii : "heh ihin, abdi rek nanya ka maneh. Majar maneh teh pinter lin?"

Solihin : "rek nanya naon maneh? Naon wae pertanyaannana pasti ku kuring mah ka jawab." ( sabari masang wajah anu balaga. Padahal mani geuleuh gaya na teh)

Ginda : "bener hin maenya the master teu bisa ngajawab" (bari semu ngaledek)

Solihin : "heueuh bener"

Ii : "kieu hin, urang rek nanya. Mana nu bener ? "terjun payung teh terjun make payung" atawa "terjun payung teh terjun make parasut" "sok jawab mana nu bener. Kapanan maneh teh pinter"

Ginda : "sok hin jawab. Ulah lobah mikir"

Solihin : "gampang atuh eta mah. Nya nu bener mah atuh terjun payung teh terjun make payung. Kumah benerteu?”

Ii + ginda: "wah ihin, maneh bener pisan. Bener bener bener goblok gebloh teu katulungan matak ge sakola meh rada ngarti seutikmah"(sabari seuri cacarawakan)

Solihin : "naha uing salah kitu"(sabari mikir)

Ginda : "geus ayeuanamah, supaya maneh yakin mana jawaban nu bener. Ayeuna urang terjun payung. Maneh terjunna make payung. Urang jeung si ii make parasut"

Solihin : "hayu. Ke keheula lamun urang terjun tina kapal atuh meureun koid”"
Ii + ginda: "pikiran we sorangan. Da moal nyaho ari can di ajaran mah"

Solihin : "?@#??!%%!#~`"
Copet Bandung
Category: Bobodoran Sunda
Hiji mangsa si sueb indit ka bandung naek bis.Maklum,na bis sok padedet ku muatan ari ges pinuhmah,nya si sueb teu kabagean jok kapaksa manehna nangtung.

Keur anteng manehna ngalamun torojol aya copet kakarayapan kana pesak calanana,kabeneran pesak calana si sueb teh ges soeh(robek),trus manehna ngomong kieu,

Sueb : "Sok sia rek maling naon?"

Copet: "Heunteu mang,"

Sueb : "Sok mending digorowoken copet,atawa mendingan tuluy usapan bobogaan aing."

Copet: "..?@/???Ehm..."
Kodok Bangkong
Category: Bobodoran Sunda
Mang Juned poe eta kadatangan tamu dulurna pak Kosim ti Jakarta, kabeneran manehna jeung pak Kosim boga budak saumuran kira-kira 5 taunan.

basa mang Juned keur ngobrol jeung pak Kosim di teras imah, anakna keur uplek maen koleci jeung anak pak Kosim. Keur anteng maen koleci, ujug-ujug gejlo weh aya bangkong luncat ka deukeut barudak nu keur maen koleci, atuh barudak teh rareuwaseun.

Anak mang Juned: "Ih, awas aya bangkong, aya bangkong"

Anak pak Kosim : "Idih, ada kodok, ada kodok"

Anak mang Juned: "Yeeh, tong di kodok, geuleuh"

Atuh mang Juned jeung pak Kosim nu ngadengekeun sing cakakak
Kacang Hejo
Category: Bobodoran Sunda
Hiji peuting si aki jeung si nini keur ngalobrol di kamar memeh sare.

Aki : "Nini urang teh geus karolot,aki rek menta dihampura bisi aya kasalahan ka Nini"

Nini : "Ih aki sarua nini oge, urang silih hapura we atuh umur mah saha nu nyaho."

Aki : "Sukur atuh ari nini rek ngahampura ka aki mah,sabab aki teh pernah salingkuh ka nini"

Nini : "Kutan jeung saha aki?"

Aki : "Eta jeung Si Edah tukang lotek tea,terus jeung Si Emeh anak Mang Sarkawi,malah jeung Si Icih oge nu dilebak ngalaman."

Nini : "Nya ari aki geus ngaku mah bari jeung ngarasa kaduhung teu nanaon ki dihampura,tapi nini oge sarua geus pernah salingkuh."

Aki : "Ari nini jeung saha?"

Nini : "Ari nini mah mun geus salingkuh teh sok neundeun kacang hejo dina toples"

Aki : "Toples nu di dapur nini?"

Nini : "Enya aki,nu dina toples mah sesana pan anu sakeler mah beak dibubur."

Aki : "????????!!!??"
Sendal Kuring
Category: Bobodoran Sunda
Di hiji poe jum'at saberes jum'atan, si ucok (orang batak nu karek pindah k bandung) ambek-ambekan da sendalna leungit,, si ucok nanya ka barudak nu keur nongkrong,,

Si Ucok: "Heh kau barudak,, ninggali sendal kuring teu??"
Barudak: "Sendal nu kumaha bang??"
Si Ucok: "Eta sendal nu karek meuli bieu isuk-isuk"
Barudak: "Wah teu apal bang"

Datang Pa Haji nu karek kaluar ti Mesjid, di tanya oge ku si ucok...

Si Ucok: "Pa Haji, sendal kuring leungit pa haji"
Pa Haji: "Pahili meureun bang"
Si Ucok: "Bah..! Siapa pula eta pa hili?? Wah kudu di bantai ku kuring..!"
Pa Haji: "Eh si abang, Pahili teh Pagentos"
Si Ucok: "Bah..! Duaan jeung si Pa gentos??? Wah duanana ku kuring rek di bantai..!"
Pa Haji: "Aduh di bejaan teh teu ngarti-ngarti, pa haji uwih ahh...Assalamualaikum.."
Si Ucok: "Bah..! Rek kamana Pa Haji?? Sendal kuring kumaha ieu??"
TKI di Arab Saudi
Category: Bobodoran Sunda
kacaritakeun dihiji lembur aya hiji pamuda nu kakara balik jadi TKI di arab saudi, kabejakeun si eta pamuda teh mawa babawaan loba pisan keur oleh-oleh jang pamajikana dilembur, tayohna mah eta beja teh kadengeeun ku bangsat anu geus biasa ngaranjah eta lembur, panjang carita eta bangsat teh geus siap-siap erek ngajorag imah TKI tea engke peuting.

kacaritakeun eta bangsat teh geus ngadakom dina kenteng nunguan nu boga imah sare, sanggeus lila di tungguan nu boga imah teh can sare wae kadon hayeuh ngobrol terus sosonoan dapuguh geus lila tea teu panggih.

sibangsat geus teu kuat cangkeuleun nungguan bari ngadedengekeun nuboga imah, bari pok salakina ngomong ka pajikan na salakina: euh nyi meni liket asa ketan kieu. ceuk salakina...

pamajikan na seuri bari ngarangul... ngadenge kitu sibangsat anu geus lila nungguan beuki keuheul wae atuh, jrut manehna turun tina suhunan bari pok ngomong "oncoman we sakalian ajig....bari dirigdig lumpat si bangsat teh. teu kongsi lila eta bangsat teh balik deui bari " jedak...najong bilik manehna ngomong deui dasar ulen siah... dirigdig deui we eta sibangsat teh lumpat
Budak Angkot
Category: Bobodoran Sunda
Dina hiji poe, aya ibu-ibu numpak angkot bari ngangais budak. tapi tisabareng naek angkot, eta budak teh teu eureun ceurik wae,

tayohnamah eta budak teh hayangeun nyusu tapi indungna eraeun da puguh angkot teh pinuh, tuluy wae ku indungna di beberah sina repeh, tapi eta budak kalah beuki tarik ceurikna teh.nya akhirna mah indungna ngelehan era era oge susuna dikaluarkeun tuluy di asongkeun kabudakna bari tuluy dirungkupan ku samping.

teu kosi lila eta budak kaluar nolol tina samping bari pok ngomong ka penumpang sejena "ngalaleueut a ......"
Poe Jumaah
Category: Bobodoran Sunda
Isak : "Rus, ari ayeuna poe naon?"
Rusdi : "Poe Kemis"
Isak : "Ari isukan"?
Rusdi : "Poe Jumaah"
Isak : "Ari geus Jumaah?"
Rusdi : "Nya balik atuh Sak, piraku cicing wae di mesjid".
Isak : "Pinter geuning Rusdi mah."
(Rusdi jeung Isak tingserengeh, dibaturan ku nu maca)
Tukang Obat - Nyeri Sirah
Category: Bobodoran Sunda
Sebut wae ngarana Mang Ihin, tukang obat keliling, nu sok mangkal di hareupeun kantor pos. Jam dalapan manehna geus ngampar, manehna teh spesialisasina kana obat nyeri sirah tradisional, bari terus gogorowokan sangkan nu liwat katarik ku obat nyeri sirah "made in" manehna.

Mang Ihin terus noroweco, "Bapa-bapa, ibu-ibu, sareng saderek sadaya, mangga cobian ieu obat, dupi obat nu didagangkeun ku sim kuring taya lian ti obat nyeri sirah, obat nu cespleng.

Upami Bapa atawa ibu katerap panyawat nyeri sirah, cobian nuang ieu obat, moal samenit-menit acan eta panyawat nyeri sirah bakal ical, ieu memang terbukti obat nyeri sirah paling cespleng," cek Mang Ihin teu siriknya nepi ka gogorowokan, ampir-ampiran beakeun sora.

Tapi saurang oge teu aya nu mirosea, nu liwat ukur ngareret wungkul. Malah nu liwat kalah katarik ku atraksi tukang obat kulit nu maenkeun oray kobra.

Geus leuwih ti tilu jam meureun Mang Ihin gogorowokan teh. Geus kasawang ku manehna moal aya jalma nu ngabandungan omongan manehna, Mang Ihin terus meresan daganganana. Memeh balik, manehna nyampeurkeun tukang dagang nu ngadon dagang di jero kios sisi jalan.

"Peryogi naon Mang?", Ceuk nu dagang tina jero kios.

Mang Ihin, "Cik Jang, sugan aya procold, meser dua mah. Puguh rada nyeri sirah Emang teh, dagang ti isuk teu aya nu ngareret-reret acan" Ceuk Mang Ihin bari ngasongkeun duit lima rebuan salambar.
SeMeSan
Category: Bobodoran Sunda
Pasosore jang Imat ngahajakeun ulin ka Si Nana sobatna. Kasampak di imah Si Nana aya Ninina keur ngawangkong di hareup bari ngawedang kopi hideung jeung seupan sampeu anyar nyait tina panyeupanan, panas tur ngebul keneh.

Jang Imat nyampeurkeun tuluy nanya ka ninina si Nana.

Imat, "Punten Ni, ari Nana aya di rompok teu?"

Nini, "Aya bieu mah di tukang keur semesan sosoranganan wae handapeun tangkal kopo."

Imat, "Haaarr...ari nini, piraku maen batminton sosoranganan?"

Nini, "Lain keur batminton, tapi keur semesan, eta geuning nu sok dipencetan ku indung leungeun make hempon."

Imat, "Oohh...sanes semesan atuh Ni, tapi SMS-an eta mah. Kunaon dipencetana ku indung leungeun henteu ku cinggir nya Ni?"

Nini, "Bieung ah, teu nyararaho kuring mah."

Imat, "Ari cinggir mah paranti meresihan rorompok korong."

Nini, "Nurustunjung siah, kuring keur ngawedang yeuh!"

Imat, "He-he, punen Ni, heureuy. Mangga atuh, rek ka tukang nyampeur si Nana, bisi kumaha onam..!"

Nini, "Nos! Kaditu sampeurkeun bege!"
Nuntut Elmu
Category: Bobodoran Sunda
Hiji poe Bu Mirna guru SD kelas lima keur nerangkeun hal kawajiban nuntut elmu. Sanggeus nerangkeun tuluy Bu Mirna nanya ka barudak kelas lima.

Bu Mirna, "Barudak, ari nuntut elmu teh kawajiban saha? Naha kawajiban Ibu atawa maneh?"

Barudak, "Maneeehh......!" Ceuk barudak saur manuk.

Bu Mirna baeud.

Beakeun Bahan
Category: Bobodoran Sunda
Dina hiji mangsa Pa ulis indit ka Rumah sakit,maksudna nek ngoprasi anakna anu suing, sabab cek beja ti bupati aya program Operasi biwir suing masal,

Enya we pas tepika rumah sakit geus ngantri anu rek operasi, selang 5jam kakara ka giliran anak pa Ulis,"sok canak putra na pa kalebet"cek Dokter, selang 1jam geus beres, "beres dok?" cek pa ulis, "muhun pa,antosan 3 mingon nembe prbana di laan nya pa"saur dokter, leos weh pa ulis mulih.

Selang samingu budak na pa ulis ngadu cenah aya nuaneh, sabab tiap anak pa ulis kiih(kahampangan) eta biwirna ngadadak enyar enyur ngageter, pa ulis reuwas.

Isukna pa ulis langsung gura giru ka rumah sakit nek ngontrog dokter, pas geus paadu hareupan langsungwe pa ulis ngadu masalahna, " pa Dokter kunaon pura abdi teh biwirna jadikieu? " cek pa ulis, "nakumaha kitu pa.!"

Dokter bingung, "kieu pa kunaon tiap putra abdi kahampangan biwirna enyar enyur ngageter?", jawab dokter "o... Punten pa kumargi, bahan kange nambal biwir putra bapa seep, nya kuabdi di gentos ku daging gagaduhan sapi anu awewena.".."o... Paingan atuh, kabitaeun meren..."
2 X 2 = 0
Category: Bobodoran Sunda
Basa dina pelajaran matematika SD,

Guru : "Opat tambah dua sabaraha Nang?"

Unang : "Genep Pa"

Guru : "Alus, ari lima dikurang dua sabaraha Ti?"

Tuti : "Tilu.."

Guru : "Bener... ari dua dikali dua sabaraha Lih?"

Olih (bari luak-lieuk) : "Seep Pa Guru ...."

Guru : "Naha bisa kitu Lih ?"

Olih : "Muhun pami tangkal sampeu dua dikali duanana nya seep we..."

Guru : "??!!"
Jiang Zemin Orang Garut ?
Category: Bobodoran Sunda
Kabayan : "Abah kenal teu ka Jiang Zemin ?"

Abah : "Nya apal atuh, mantan Presiden Cina sampai Maret 2003"

Kabayan : "Uiii hebat euy ..."

Abah : "Abah teaaa ....", bari ngusapan kumis bakat ku bangga

Kabayan : "Bejana Jiang Zemin teh aslina orang Garut nya Bah."

Abah : "Ah... ceuk sahaaa ...??"

Kabayan : "Da ngaran aslina mah cenah Ujang Jamin, ngumbara ka Cina ganti ngaran jadi Jiang Zemin ... hehehe ... Kabayan tea..." bari gura-giru ngaleos

Abah : "Dasar si borokokok !!"
Ateul jeng Gateul
Category: Bobodoran Sunda
Ateul jeng Gateul

Amang, "Bi, ari obat ateul kunaon?"

Bibi, "Di aro wae"

Amang, "Ari obat gateul?"

Bibi, "Di garo...!"

Amang (aro-aro teu ateul...)
Anak Anjing
Category: Bobodoran Sunda
Ibro : "Naha Din lain Anjing teh haram ceuk urang Islam mah..."

Udin : "Ya iya laaah....na kunaon pake nanya kitu..?"

Ibro : "Tapi geuning pak haji jeung bu haji di kampung dewek mah ngaringu anakna, diusapan, dihuapan, komo nu masih leutik keneh mah malah sok sare bareng sagala..."

Udin : "Ah..!!! haji nanahaon nu kitu mah... dosa besar !!"

Ibro : "Maenya..?? kan nu diinguna ge anak pak haji keneh ..wew !!" bari lumpat

Udin : "??!!@#$"
Halu
Category: Bobodoran Sunda
Geus jadi kabiasaan Jang Ahmad, sobat salakina, unggal wancina dahar beurang sok datang ka imah Nyi Ipah ngadon milu dahar.

Keur jaman kiwari nu sagala serba mahal mah puguh we sagala teh kudu dirit-irit, kukituna kadatangan Jang Ahmad teh malah jadi nambahan beban kaluarga Nyi Ipah.

Dina hiji beurang kurunyung Jang Ahmad datang ka imah Nyi Ipah.

Jang Ahmad :"Kumaha Nyi wartosna.... damang ?" ceuk Jang Ahmad bari basa-basi

Nyi Ipah :"Sae kang..." bari rada bendu

Jang Ahmad :"Pami Kang Dadangna pangesto ? nuju kamana...?"

Nyi Ipah :"Nuju di kebon, nyaeta ayeuna mah Kang Dadang teh rada kaganggu emutanana ayeuna teh.....". Nyi Ipah ngabohong bari masang taktik.

Jang Ahmad :"Na kunaon kitu ...?" bari semu heran

Nyi Ipah :"Nya duka kumaha Kang, ayeuna mah unggal aya tamu Kang Dadabg teh sok neunggeul tamuna ku halu..."
Ngadenge kalakuan sobatna jadi owah, Jang Ahmad langsung pamitan....teu lila datang Jang Dadang, salaki Nyi Ipah.

Jang Dadang :"Aya saha tamu bieu teh Nyi ?"

Nyi Ipah :" Eta..... Kang Ahmad rek nambut halu ngan ku abdi teu dipasihkeun..." bari ngabohong

Jang Dadang :"Naaa atuh halu-halu wae........kadieukeun urang susulkeun..."

tuluy Jang Dadang nyusul Jang Ahmad bari mamawa halu. Teu lila Jang Ahmad geus mimiti kaciri tereh kasusul.

Atuh Jang Dadang gogorowokan ngageroan Jang Ahmad bari ngacungkeun halu. Puguh we Jang Ahmad beuki tarik lumpatna pedah nempo Jang Dadang ngudag-ngudag bari ngacungkeun halu
BH..AYANGKARA
Category: Bobodoran Sunda
Basa dina pelajaran Bahasa Indonesia disalah sahiji SMP di Bandung, Pak Guru ngalatih hiji-hiji muridna sina kahareup.

Pak Guru : "Mimin tulis kahareup ... BHAYANGKARA...."

Mimin nu rada tunduh langsung kahareup bari nulis ku kapur dina bor .... BAYANGKARA

Pak Guru : "Geuning teu pake BH Min ... ? (maksudna BHayangkara)

Mimin : "Bet ngangge Pak Guru...." bari ngarabaan susuna, puguh we murid-murid jeung Pak Guru teh teu karuat nahan kaseuri.
Tujuh rupa nu dipahing pisan
Category: Bobodoran Sunda
- Ngarorek Ceuli ku linggis
- Ombeh ku cai ngagolak
- Gagaro ku parud nu tihiangan
- Dahar make sendok tembok
- Ngalinting bulu kelek mun hayang udud
- Ngorong ku tutup limun
- Mere nginum ka khotib nu keur hutbah
Jalma nu teu meunang dideketan
Category: Bobodoran Sunda
- Jalma nu sok ngadahar sendal capit atawa sapatu
- Jalma nu sok sare handapeun gilinding setum
- Jalma nu sok kiih di paimaran masjid
- Jalma nu sok mandi ku cai limun

1 komentar:

  1. Ieu mangrupikeun kasaksian ngeunaan karya anu alus Kapala Eli Dodoru anu ngabantosan kuring .... Kuring Ann Earnis ti kalér Amérika Serikat. kalayan bantosan jampar mantra ieu, salaki kuring anu ninggalkeun kuring kaluar pikeun 3 taun katukang sumping, kuring tungtungna tepang lalaki ieu dina postingan situs blog ku salah sahiji mangrupikeun klien pikeun ngabantosan, abdi terangkeun sadayana ka anjeunna sareng anjeunna nyarioskeun ka kuring ngeunaan ngusir caster anu anjeunna terang sareng anjeunna masihan whatsapp kuring nyerat nyerat ka caster mantra pikeun nyarioskeun masalah kuring. Dina kakara 2 minggu, salaki kuring balik deui ka kuring. Kuring ngan ukur hoyong ngucapkeun hatur nuhun kana kasir mantra anu sajati sareng ikhlas ieu, tuan sadayana anjeun parantos nyarios kuring parantos nyarios sareng hatur nuhun pak. Punten bade ngawartosan ka saha waé anu milari solusi pikeun masalahna, pikeun konsultasi ka bageur ka jampé ieu, anjeunna nyata, anjeunna kuat sareng naon waé anu mantra nyaritakeun naon anu bakal kajadian, sabab naon anu disebut jampé jampé ka kuring maot. Anjeun tiasa ngahubungi anjeunna di: whatsapp +2349015088017

    BalasHapus