Rabu, 21 Maret 2012

Kumpulan Rumpaka Kawih Sunda

TALAK TILU
Penyanyi : Bungsu Bandung



Mana nyeri nyeri nyeri teuing
Ceurik ati di tambelakan
Henteu benang ku disabaran
Aduh alah ieung
Tega teh teuing

Indit sore tulunyungna subuh
Abdi tunduh mukakeun tulak
Batin nyeuri ceurik sorangan
Aduh alah ieung
Tega teh teuing

Nyeri-nyeri moal benang di ubaran
Kajen tutumpuran paeh ge teu panasaran
Mempeng ngora keneh
Mempeng urang can batian
Pek geura serahkeun
Talak tilu sakalian

Henteu butuh lalaki curaling
Boga rasa asa ieu aing
Henteu robah teu eling-eling
Aduh alah ieung
tega teh teuing


Penyanyi : Asep Darso



Di beh kulonen
Pengkolan nu ka Saguling
Aya sasak anu jadi panineungan kuring
Sasak panjang nu nepungkeun Bandung Cianjur
Diliwatan balarea mentas walungan Citarup

Nu katelahna nya Sasak Rajamandala
Sasak cukang palantara cinta kuring jeung manehna
Cinta mimiti nukena
Hese pohona
Lamunan cik dina ati sumelap lilana rasa

Di sasak Rajamandala, hotel telet nu munggaran
Rek ngajak tacap kasoca, keleket hate deg-degan
Ka Sasak Rajamandala hayang geura ngaimplengan
Yen kuring teu jeng manehna
Kiwari geus baranganna

Penyanyi : Bungsu Bandung



Mobil butut kaluaran baheula
Sajaman jeung bedil sundut harita
Ayeunamah mobil butut geus carang
Nambangan ge di kota ge geus di larang

Dut durut dut dut
Mobil maju na ngidul
mogok di jalan radiatorna ngebul
Kenekna turun nyiuk cai di solokan
Mobilna nginum jiga kebo di mandian



Panyanyi : Ohank



Masyarakat kota Bandung
(bobotoh persib) nu sajati
Hayu baraya dukung persib
Dukung dukung suyunan

Tuh pajabat Kota Bandung
(ngadukung persib) Nu geus pasti
Ulah ringrang jeung salempang
Tungtungkeun mawa sengit Kota Bandung
Bobotoh araman
Anu nongton tangtu nyaman
Komo main gesit
Cingcirining eta persib
Persib main cantik
Kang Yosi ngeunah seuri
Komo mun juara
Kang Dada bakal senang

Penyanyi : Ohank



Persib nu urang Bandung
Urang dukung urang dukung babarengan
Sing apik pertaliti maen cantik jeung strategi
Pasti loba nu simpati

Eleh menang geus biasana
Yang penting mah yang penting mah
Urang Bandung harus bangga
Mun masyarakat Kota Bandung
Milu nyengitkeun ka persib
Jadi bobotoh sajati

Aki aing
Ngadukung persib
Nini aing
Ngadukung persib
Salelembur
Ngadukung persib
Ceuk aing ge
Menang persib

Viking ge
Ngadukung persib
Laskar biru
Ngadukung persib
Blue ranger
Ngadukung persib
Bomber ge
Ngadukung persib

Penyanyi : Darso



Teu disangka ti tadina
Di lembur jauh ka kota
Geuning aya bentang ragrag
Mawa bungah kana rasa

Rasa bungah nu harita
Dibarengan rasa cinta
Cinta nu mekar harita
Mapaes nikmatna hate

Bentang nu harita medal
Ngagurilap-ngagurilap cahayana
Matak serab mikacinta
Matak risi anu jangji

Bentang di Cilampuyang
Mawa bagja kana rasa
Bentang di Cilampuyang
Narima kedalna cinta
Bentang di Cilampuyang
Yap kadieu masing deukeut
Bentang di Cilampuyang
Akang reueus akang geugeut

DURIAT
Penyanyi : Yayan Jatnika

Dina hate kuring anjeun cicing
Dina hate anjeun kuring cicing
Bener-bener henteu bisa ngejat
Dibeungkeut ku tali duriat

Sanajan loba nu daratang
Pating kuriling neangan lawang
Pating kaletrok kana panto hate
Tapi ku urang teu dipalire

Duriat teu bisa digantian ku rupa
Duriat teu bisa dihilian ku harta
Duriat teu bisa di aya-aya
Duriat datang na heunteu kapaksa

Dikotretkeun dina hate tidituna
Diguratkeun dina rasa tidituna
Dibuka di baca ku urang duaan
Di jaga di riksa pinuh rasa ka heman


Panyanyi : Oon



Jang
Hirup teh teu gampang
Teu cukup ku dipikiran
Bari kudu dilakonan
Jang
Jalan kahirupan
Heunteu sapanjang na datar
Aya mudun jeung tanjakan

Kudu sabar dina kurang
Ulah neupak dada beunghar
Salawasna kudu syukur
Eling ka nu Maha Agung
Kade hidep bisi kufur

Jang
Cing jadi jalma hade
Cing jadi jelema gede
Beunghar harta jeumar hate
Jang
Hidep cing ngajalma
Turut parentah agama
Ulah jauh ti ulama

Nyobat sareng ahli tobat
Dalit sareng para kiyai
Hirup keuna ku owah gingsir
Ngarah aya anu ngageuing
Mangsa lengkah ninggang salah

Cing pinter tur bener
Cing jujur ton bohong
Ulah nganyeurikeun batur
Ngarah hirup loba dulur

Raksa ucap langkah
Tekad jeung tabe'at
Ngarah pinanggih bagja
Salamet dunia akherat

Jang..
Jang…
Cing jadi jalma sholeh
Jang…. Jang…
Hidep cing sholeh




Penyanyi : Agus Coley

Deungkleung dengdek
Anaking jimat awaking
Geura bobo
Panutan kalbu
Ema hidep aya di pangumbaraan
Nyiar rizki buburuh jadi TKI
Deungkleung dengdek
Anaking di ayun ambing
Ulah rungsing tepung jeung peuting
Anggur nyaring na mangsa keur sepi jempling
Ngadu'a Ema hidep enggal mulang

Ukur cimata nu jadi ubarna
Rasa kasono
teu weuleh ngadodoho

Sanajan urang paanggang
Hate mah paanjang anjang
Sanajan urang papisah
Ka Gusti Urang sumerah diri

Kieu buktina
Kedah kieu nasibna

Panyanyi : Kustian


Ceuk batur mah
Kuring teh budak jalanan
Gawe ukur ngamen
Dina kandaraan
Sabenerna hate ngarasa nalangsa
Puguh hirup ragap taya
Kolot teu apal dirupa
Jeung deui duka di mana

Mun panas….
Kapanasan…
Mun hujan…
Kahujanan…
Mun reup peuting ngadon sare di emperan
Da puguh hirup di jalan
Hanteu boga petempatan
Pikeun pangbalikan

Timana…timana.. atuh timana
Diri kuring timana atuh asalna
Kumaha…kumaha.. atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina
Ya Allah paparin abdi pituduh
Na dimana kolot abdi teh ayeuna..








Penyanyi : Yayan Jatnika



Bentang luhureun manglayang
Ting kareutip anteung ngiceupan
Kamari peuting ayeuna
Bentang rapang lobana angger sarua

Handapeun bentang manglayang
Manehna keur ngadagoan
Nanggeuy saruntuyan bentang
Meunang mipit ti luhur Gunung Manglayang

Weungi enjing nun……
Urang peutik ku dua-an
Urang runtuy nun…..
Keur kongkoyang pangantenan

Weungi ieu wayah na urang paanggang
Tapi soca tangtos sami keur milang bentang manglayang

Bentang luhureun manglayang
Ting kareutip anteung ngiceupan
Kamari peuting ayeuna
Bentang rapang lobana angger sarua

Panyanyi : Doel Sumbang

Kuring bogoh ka Entin
Entin bogoh ka Rustam
Rustam bogoh ka Oneng
Oneng bogoh ka Darman
Darman bogoh ka Acah
Acah bogoh ka Unang
Unang bogoh ka Edoh
Edoh bogoh ka Dayat
Dirasa rasa
Beuki karasa
Dipikir pikir
Beuki kapikir
Bumi alam bumi alam asa nguir
Mikiran cinta jadi panas gulicir
Dirasa rasa
Beuki karasa
Dipikir pikir
Beuki kapikir
Nu di cinta balik nu di jiga bacir
(Tungtungna mah aral bulu irung we….)
Dayat bogoh ka Mumun
Mumun bogoh ka Edeng
Edeng bogoh Ecin
Ecin bogoh ka Oyo

Oyo bogoh ka Epon
Epon bogoh ka Kurdi
Kurdi bogoh ka Embe
Embe bogoh ka Kuring





Penyanyi : Yana Kermit

Aduh bagja pisan
Narik ojeg ngalarisan
Nu numpakna geulis pisan
Hate sok seseredetan
Keur kasalemetan
Nu geulis kedah nyepengan
Sanes akang teu uyahan
Cunihin teu pisan-pisan
Ulah sok ugal-ugalan di jalan
Kebut-kebutan keur jalan
Bisi balikna tinggal ngaran
Ulah sok ugal-ugalan di jalan
Kebut-kebutan keur jalan
Mun nabrak budak digarebugan
Ojeg
ongkos ngajegang
Lamun ngojeg ulah parebut penumpang
Ojeg
ongkos ngajegang
Lamun ngojeg tong bari mikiran hutang
Komo deui lamun narik bau ao
Nya dijamin penumpang nyebut nu gelo

Penyanyi : Darso


Mega sutra di langit pantai carita
Bodas nyacas dipulas endahna rasa
Saksi asih dina munggaran carita
Waktu urang nepungkeun geuteurna cinta
Dina dada aya rasa
Dina rasa aya bagja
Ngagalura ibarat ombak sagara
Di sisi basisir
Laut pantai carita
Nya didinya urang teh wakca balaka
Mega sutra di langit pantai carita
Bodas nyacas dipulas katineung rasa
Saksi asih mekarna hareupan cinta
Poe isuk muga laksana paneja
Mega sutra….
Di langit pantai carita

Penyanyi : Darso / Hetty K. Endang



Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Diri nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun sadaya daya
Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Mundut panghampura Gusti
Ya Allah Robbul 'izzati
Taya deui
Panglumpatan
Taya deui
Pamuntangan
Mung Allah pangeran abdi
Pangeran anu sajati

Penyanyi : BARAKATAK

Duka teuing kunaon
mun nempo anu demplon
teu bisa miceun panon
sok hayang geura leleson
Duka teuing kunaon
Meuni bun ceuli panon
noong anu keur ocon
sok hayang milu ka enggon
Duka teuing kumaha
meuni asa kabita
nempo bitis nu geulis
ngadadak sok panas tiris
Duka teuing palaur
heureuy jeung anak batur
ocon diluhur kasur
katewak di cereg tuur
Duka teuing ceuk saha
mun hayang ka si eta
ngomong tong hare hare
dijamin pasti dibere
Duka teuing ku saha
da kuring teu rumasa
can kawin geus eusian
budakna euweuh bapaan
Duka teuing ku aneh
siga istri nu sholeh
aya ku lebar teuing
sok ngalayab unggal peuting
Duka teuing ku heran
ngaku masih parawan
tapi teu kanyahoan
tos loba nu ngaraosan

Penyanyi : Wina

Dipikir siang jeung weungi
Hirup teh naha nyorangan
Dirasa rasa da puguh aya nu boga
Ema bapa anjeun dimana
Teu sangka ku nasib diri
Hirup teh pahat tulalis
Lami gede cicing di yayasan
Ema bapa anjeun dimana
Duh gusti…
Ari abdi budak saha
Teu puguh laratannana
batin ceurik balilihan

Ari abdi budak saha
Ieu hate terus tumanya
Na dimana anu ngandung
Na dimana nu ngayuga

Ari abdi budak saha
ieu hate terus tumanya
Na dimana ari indung
Na dimana ari bapa

Penyanyi : Rya Fitria

Bogoh ka saha
Bogoh ka urang mana
Geura balaka…a…a..
Ulah rek asa asa
Milih milih numana
Milih nu kumaha
Ulah cangcaya..a…a..
Bisi kaduhung ahirna
Percaya..a..a..
Kana takdirna
Percaya..a..a..
Kana takdirna
Lamun enya jodona
Lamun enya kuduna
Moal rek aya…a…a..
Nu bisa misahkeunnana
Lamun enya cintana
Lamun enya hayangna
Ulah rek aya…a…a..
Nu nyoba misahkeunnana
Percaya..a..a..
Kana takdirna
Percaya..a..a..
Kana takdirna




Penyanyi : Doel Sumbang

Selebritis Bandung
Tante-tante muda-muda
Cantik-cantik necis-necis
Ngariung di juru kafe
Arisan sabulan gope
Anak salaki di imah
Teu kaurus cuek aje
Selebritis Bandung
Ramping-ramping menor-menor
Modis-modis konon kaya
Bari sibuk nyoo hape
SMS-san jadi gawe
Ngondang balad salevel
Lanjut ka karoke
Iuran papatungan
Di karoke suka bungah
Lalajo doger jelema
Bugil..bugil… 2X
Selebritis Bandung
Korek api kaca mata
Jam tangan sapatu baju
Kudu merek nu terkenal
Bari mutlak original
Soal harga mahal
Isuk ge urusan cingcay
Sakapeung pikarunyaeun
Disiksa ku gaya hirup
Sanajan geus ludes bangkrut
Bacot mah angger ondedol
Medikyur medikyur
Bulu halis di cukir
Medikyur medikyur
Bulu kelek di cukur
Medikyur medikyur
Bulu bitis di cukur
Medikyur medikyur
Palay nu saageung tuur

Penyanyi : Oon



Panas nu sakieu mentrang
Sugan teh moal rek hujan
Sono bogoh anu urang
Geuningan teu bisa manjang
Asa dina pangimpian
Urang jadi pipisahan
Kadeudeuh nu nyangreud pageuh
Kiwari talina udar
Urang teu bisa embung
Najan ka gandrung sagunung
Urang teu bisa nolak
Najan duriat sajagat
Urang lir ibarat wayang
Usik malik na ku dalang
Anu teu wasa teu weunang
Beureum hideung kumaha dalang
Apan hirup ngalakon
Saperti dina sinetron
Caritana kedah pisah
Nya hamo bisa dipondah
Urang teu bisa embung
Najan laput rasa gandrung
Urang teu bisa nolak
Najan limpas ku ka beurat
Tarimakeun janten rangda
Akang pasrah jadi duda
Najan pait bari peuheur
Teu bisa di kumahakeun
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan

Takdir teu beunang dipungkir
Kadar teu bisa di singlar
Najan pada pada beurat
Meureun gurat keudah peugat
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Wayahna cing tumarima
Urang teu bisa kumah
Teu bisa kumaha

Penyanyi : BARAKATAK


Bararade ieu
Bararade ieu
Bararade bade bade bade ieu

Jalan dewi sartika
Jeung lapang Tegal Lega
Mun wanci sareupna
Retesna sabada isya
Loba ucing geuring
Ngalayap nepi ka peuting
Ngadon dagang ping ping
Keur lalaki nu curaling
Mengkol ka Gardujati
Katelahna kebon tangkil
Wilayah nu pasti
Saritem tempat nu nyempil
Gang pabaliut
Nawisan barang nu nyumput
Jalu nu kapincut
Kakamar langsung diurut
Barade bararade ieu
Nu ngagaleuh barang anu geuleuh
Barade bararade ieu
Mangga cobi pasti hoyong deui
Barade bararade ieu
Atos nyobi si ujang kapatil
Barade bararade ieu
Tos kapatil si ujang anu kasiksa

Bararade ieu
Bararade ieu

Penyanyi : Deddy


Cag didieu
Cag seumeut dieu
Lalakon cinta nu urang
Teup anteupkeun
Tong di guar deui
Carita cinta nu peugat
Najan ka gandrung sa gunung
Najan duriat sa jagat
Kadeudeuh nu nyangreud
Ahirna urang pipisah

Rek ka saha
Rek ka urang mana
Geura milari geuntosna
Cig ka kidul
Cig ka kaler
Ngulon ngetan moal nyaram
Tos teu aya kakaitan
Antara urang duaan
Lain anjeun lain akang
Urang geus lain lainna
Lain….
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Tarimakeun janten rangda
Akang pasrah jadi duda
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bisa kumaha

Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Wayahna urang papeugat
Najan hate masih beurat
Pileuleuyan, pileuleuyan
Hampura, Akang hampura

Penyanyi : Doel Sumbang

Nah… hanjakal pisan
Basa anjeun datang
Kuring geus duaan

Mun seug lelengohan
Moal mikir panjang
Sadia marengan

Duh… enyaan… silih pikasono, silih pikadeudeuh, silih pikanyaah

Kumaha…
Nya kudu kumaha
Da kuring ayeuna
Geus aya nu boga

Hampura…
Nya kuring hampura
Najan dikumaha
Moal rek ngadua

Penyanyi : Yayan J

Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capena
Sabab aya nu diteang
Hujan angin dor dar gelap
Hunteu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing
Nu penting mah asal nepi
Ka tempat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila ka ala

Sugan tea moal gagal
Kembang geus aya nu boga
Balik teh asa hoream leumpang ge asa ngalayang
Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeri hate
Hoream teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun
Mikiran pipanyakiteun




Penyanyi : Darso

Boga kabogo jauh
Mentas laut leuweung gunung
Tapi apel teu bingung
Cukup hallo na telepon
Kuring di pulau jawa
Manehna pulau sumatera
Lamun malam mingguan
Mojok via SMS-an
Jelema palinter
Dunya beuki maju
Najan urang pajauh
Bisa ngobrol unggal waktu
Tiap SMS-an atawa nelepon
Teu jadi pikiran
Kajeun pulsa kabobolan
Nu penting mah bisa ngobrol jeung manehna
Boga kabogo jauh
Meuntas laut leuweung gunung
Tapi apel teu bingung
Cukup hallo na telepon…..

Penyanyi : Doel Sumbang

Urang sunda ka marana
Urang sunda di marana
Urang sunda, urang mana
Urang sunda, Anjeun saha
Naha ngan saukur nu ngeusian Pulau Jawa
Naha ngan saukur lalajo bari tumenta
Gancang geura hudang buka ceuli buka mata
Geura tembongkeun urang sunda oge bisa
Tembongkeun urang ge bisa mela nagara
Tembongkeun urang ge bisa jadi pamimpin
Urang ge bisa nangtung ajeg jeung kawasa
Lain saukur bisa unggut jeung kumawula
Si Kabayan urang sunda
Urang sunda lain Si Kabayan
Si Kabayan urang sunda
Urang sunda ulah jadi si Kabayan
Anu karesepna ngan ukur ngagere ceuli
Anu karesepna ngan ukur heuay nundutan
Anu karesepna ngan ukur diuk ngalamun
Atawa calangap ngitungan bentang di langit
Mun urang kabeh reueus jadi urang sunda
Pikiran deui naon nu dipikareueus
Lamun urang sunda kabeh jadi si kabayan
Kuring melang hiji waktu urang kababayan
Urang bakal kababayan, ukur bisa kababayan, salawasna kababayan
Si Kabayan urang sunda
Urang sunda lain Si Kabayan
Si Kabayan urang sunda
Urang sunda ulah jadi si Kabayan

 

 

Angkrék Japati

Angkrék japati na cangkring keur karembangan
sisi wahangan barodas
kareta api geus datang sinyar geus muka
reg di stoplas Cibodas
gupay-gupay anaking
gupay-gupay digupaykeun ku manéhna
reumbay-reumbay anaking
reumbayna nginjeum cipanon ti manehna.

Angin Priangan


Seungit angin priangan
ngusapan embun-embunan
duh, embun-embunan
hawar-hawar rerendahan ngahariring
ayun ambing, ayun ambing.
Seungit angin kahyangan
sumerep na lelembutan
duh, na lembutan
hawar-hawar rerendahan ngahariring
éling-éling, mangka éling.
Dengkleung déngdék
dengkleung déngdék sisi lamping
anu déwék, enya anu kuring
tanah wasiat, tanah duriat
anu matak tibelat nya rarasaan.
Dengkleung déngdék
dengkleung déngdék sisi lamping
anu déwék, enya anu kuring
tanah katresna jati sarakan
anu tetep nyarengan nya lelembutan.

 

Bulan Langlayang Peuting


[Bulan téh langlayangan peuting
nu ditatar dipulut ku tali gaib
entong salempang mun kuring miang
ditatar ti Tatar Sunda
dipulut nya balik deui ka dieu
ieuh, masing percaya.] x 2
[Bedil geus dipéloran
granat geus disoréndang
ieu kuring arék miang
jeung pasukan Siliwangi
ka Jogja hijrah taat paréntah.] x 2
[Bulan téh langlayangan tineung
nu ngoleang dipulut ku angin gaib
entong salempang mun kuring anggang
kapirarai tanah Sunda
kacipta mun balik enung mapagkeun
ieuh, di dora lembur.] x 2
[Bedil geus dipéloran
granat geus disoréndang
ieu kuring arék miang
jeung pasukan nusaati
ka wétan muru bijil balebat.] x 2

 

 

 

Dina Jandela


Tina jandéla urang silih gupayan
lemu paneuteup deudeuh jeung geugeut neuteup eunteub
tara nu nyora simpé henteu nyarita
ngukir ciptaan tresna jeung asih marengan
Lir nu keur ngimpi, lir nu keur ngimpi
gambar lamunan naon geuning nu katepi.
lir nu disirep, lir nu disirep
geter katineung reureuh geuning, rep rerep.
Tina jandéla urang silih kiceupan
imut kareueut raga katresnaan padeukeut
langit keur lenglang jauh tina kamelang
urang jadikeun galeuh pasini lawungkeun.

 

Hareupeun Kaca


Hareupeun kaca ngajanteng salila-lila
roman alum gurat duka atra narémbongan
hareupeun kaca sagala nu karandapan
lalakon katukang-tukang nungtut narémbongan.
Reueuk rumeuk dina eunteung
semu keueung semu nineung
jiwa awaking nyarita jiga nu nganaha-naha
duh ieung geuning jiga nu nganaha-naha.
Béjakeun deudeuh, bejakeun
rumasa geus katalimbeng.

 

Hariring Nu Kungsi Nyanding


Purnama nu kungsi leungit
ayeuna nganjang ka buruan deui
anu kungsi kapiati
kiwari urang ditepangkeun deui.
Hariring nu kungsi nyanding
ayeuna datang ngahaleuang deui
hayu pataréma tineung
cacapkeun meungpeung aya kasempetan
Ayeuna mangsa nu éndah
hayu urang suka bungah
caang bulan opat belas
narawangan haté bangbras
Ayeuna mangsa nu éndah
hayu urang suka bungah
caang bulan opat belas
narawangan ati bangblas.


Imut Malati


Imut malati
wengi tadi geuningan patepang deui
nu kapiati ti kapungkur
jungjunan dianti-anti
Ti Gunung Putri
sareng saha salira lungsur ka landeuh
lagu kamari ngagalindeng
lalakon gending kadeudeuh
Najan sakedap jorélat tunjung balébat
éstu mo hilap karaos matak tibelat
ku henteu terang mulihna
ku henteu terang mulihna
eeh, naha iraha.
Najan mung imut saulas sakilat ilang
tansah kairut hanjakal teu sering tepang
ku henteu terang léosna
ku henteu terang léosna
eeh, geuning kamana.


Kembang Impian


Antara lolongkrang kiceup
urang pateuteup
bulan pias enteupna lalangsé kayas
kaca jandéla nu muka
kaca katresna nu muka
peuting téh teuing ku jempling
asih téh teuing ku wening
Pangharepan lir laut nu jero
teu katepi ku sora panggero
urang teuleuman ku geter deudeuh duaan
urang tataran ku karep jeung pangharepan.
Tong teuing ngedalkeun lisan
urang guneman
na ciptaan bagja deukeut patémbongan
geter ti ati ka ati
hiber jadina pasini
saranggeuy kembang impian
sungkemeun kana lamunan.

 

Kembang Tanjung Panineungan


Anaking jimat awaking
basa ema mulung tanjung rebun-rebun
di pakarangan nu reumis kénéh
harita keur kakandungan ku hidep
geus opat taun katukang
ema nyipta mulung béntang
nu marurag peuting tadi
béntang seungit ditiiran pangangguran.
Anaking jimat awaking
basa ema mulung tanjung rebun-rebun
beut henteu sangka aya nu datang
ti gunung rék ngabéjakeun bapa hidep
nu opat poé teu mulang
ngepung gunung pager bitis
cenah tiwas peuting tadi
layonna keur ka dieukeun, dipulangkeun.
Harita waktu layonna geus datang
ema ceurik ieuh, balilihan
ras ka hidep ieuh na kandungan
utun inji budak yatim deudeuh teuing
harita waktu layon geus digotong
ema inget ieu kana tanjung
dikalungkeun napasaran
kembang asih panganggeusan ieuh, ti duaan
Anaking jimat awaking
lamun ema mulung tanjung reujeung hideup
kasuat-suat nya pipikiran
tapina kedalna téh ku hariring
hariring éling ku éling kana tanjung
nu dipulung éh, kembang tanjung
nu nyeungitan pakarangan
nu nyeungitan haté urang, panineungan

 

 

 

Longkéwang


[Baheula mun pareng nganjang
suguhna imut nyi lanjang
asih nu nganteur harepan
pasini na kasadrahan.] x 2
Mmmh, deudeuh teuing
na peuting héab naraka
aya nyawa milar raga
bébéné mulang ti heula
bébéné mulang ti heula.
Mmmh, deudeuh teuing
na peuting hujan cimata
aya waruga palastra
jajaka raheut haténa
jajaka raheut haténa.
[Ayeuna mun pareng nganjang
nu témbong ukur kalangkang
mega mendung na jajantung
lagu liwung na bangbarung.] x 2
.. lagu liwung na bangbarung.


Malati di Gunung Guntur
seungitna sungkeman ati
bodas sésétraning asa
jadina dina mumunggang leuweung larangan.
Malati di Gunung Guntur
hanjakal henteu dipetik
béja geus aya nu boga
ngahaja melak di dinya para guriang.
Ayeuna kuring geus jauh
malati sosoca gunung
boa geus aya nu metik duka kusaha.
Kamari jol aya beja
malati ratna mumunggang
majar can aya nu metik duka kunaon.
Malati di Gunung Guntur
ligar dina panineungan, na panineungan
na saha nu baris metik
kuring mah da puguh jauh
biheung kadongkang.

 

Purnama Urang Nu Boga


Hibar deui purnama, hibar na ati
nyanding kembang malati nu kapiati
aya asih sumérén dina lahunan
aya deudeuh gumulung jero tangtungan
urang teang, enung,
poé isuk bulan sumedang wangi
urang seuseut, enung,
asih suci ari sumujud sari pangaji
Gelar deui lalakon, gelar ayeuna
nyampak lagu wirahma deudeuh kameumeut
taman éndah dicipta tempat ngabungbang
tepung teuteup duaan bunder kageugeut
langit béngbras, euis, bulan pinuh ngagenyas sutra kadéwan
angin lamping, eulis, ngelus laun ari haréwos béja kiriman
Hayu enung patémbongan paheut jangji panganténan, geuning
hayu enung patémbongan paheut jangji panganténan
purnama urang nu boga
ari purnama urang nu nampa.


Sagagang Kembang Ros


Sagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri
sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening.
Runtuyan haréwos jangji pasini katampi
moal weléh mikahéman, ieuh asih nu wening.
Sarining kembang jatining asih
jadi angkeuhan, duh urang duaan.
Ngaca pangharepan panteng kayakinan
na dasaring ati urang duaan.
Sagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri
sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening


Salam Manis

Ieu salam manis manis salam kuring nya ieu pisan nu salawasna nyanding nyaring ngahariring
Ieu salam manis manis salam kuring nya ieu pisan nu salilana nganteng anteng kapitineung
Datangkeun kuring deukeutkeun deukeutkeun kuring raketkeun duh, dunungan datangkeun kuring deukeutkeun deukeutkeun kuring raketkeun

 

Salempay Sutra

Salempay sutra disulam jeung dikarawang
tawis soca ti jungjunan, duh.. ti jungjunan.
Salempay sutra disulam mangrupa kembang
tawis asih ti kakasih, duh.. ti kakasih.
Ngaraketkeun hubungan batin duaan
mupus waswas jeung cangcaya
di juruna disulam ngaran singgetan
ngaran kuring jeung manéhna.
Salempay sutra disulam jeung dikarawang
tawis soca ti jungjunan, duh.. ti jungjunan.
Hiji tawis soca duh salempay sutra jadi jimat pangreugreug ati disulam narawang duh salempay sutra geuning nyidem harepan.
Salempay sutra disulam mangrupa kembang tawis asih ti kakasih, duh.. ti kakasih.

Samoja


Kedalna asih na bulan pinuh mamanis
hiji jangji pasini na rasmining wanci
mangsa samoja jongjon kembangan
duh eulis, langit lénglang
angin rintih dina ati, aduh.
Lalakon lawas na bulan pinuh katineung
aya jangji pasini nu henteu ngajadi
mangsa samoja geus ngarangrangan
duh ieung, langit angkeub
samagaha dina haté, duh.
Ayeuna kantun waasna, jungjunan
lalakon ka tukang ditéang ngan ku ciptaan
kamari nu pamit, kamari nu pamit
datang deui na kalangkang.
Ayeuna tinggal ngangresna, jungjunan
lalakon nu pegat disambung ngan ku ciptaan
kamari nu leungit, kamari nu leungit
rék lebeng mo deui datang.


Sariak Layung


Sariak layung di gunung
iber pasini patepung lawung
teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung
eeh, ngawangwang nu dipigandrung, aduh
Haréndong meuhpeuy harideung
jalan satapak rarambu leuweung
kumalangpang ronghéap nu kapitineung
eeh, ronghéap nu kapitineung, duuh
Surya surup layung hibar
ka tanjakan sawangan diumbar
geus ngolébat, ieuh, samar-samar
hariring asihna kapireung ngalalar
Angin tiis ti mumunggang
katitipan haréwos kamelang
tawis deudeuh, ieuh, nu maranti
sungkeman kahéman saranggeuy malati.


Wengi Énjing Tepang Deui


Disimbutan ku halimun
diaping ku indung peuting
lalaunan ngalayangna
sukma ninggalkeun jasmani
emh, aduh, sukma ninggalkeun jasmani
ngalayang ka awang-awang
rét nepangan ka nu tebih
nepungan ka urang gunung
malati di pinggir pasir
kakara pisan ligarna
kapendakna tacan lami
katuruban dangdaunan
kahempi ka nagara sari.
Kembang diburu dirungrum
sawengi henteu kapanggih
patapan henteu kalanglang
raraosan mah sawarsih
emh, aduh, raraosan mah sawarsih
hawar-hawar sora hayam
ciri parantos janari
nu nyumput téh humarurung
teungteuingeun milik diri
harianeun teuing kadar
misahkeun anu keur asih
kembang nganggo dihalangan
ditundung ku indung peuting.
Gunung geus aya di pungkur
indit haté mah murilit
duh, indit haté mah murilit.
Miang gé da sumoréang
Parangtritis kapiati
aduh enung pileuleuyan
wengi énjing tepang deui,
duh, aduh, wengi énjing tepang deui.


9 komentar:

  1. Punten aya koréksi lagu talak tilu
    Sanés ceurik ati ditambelakan tapi ‘ceurik ati ditambélarkeun’
    Sanés indit soré tulunyungna subuh tapi ‘indit soré kurunyungna subuh’
    Sanés kajen tutumpuran tapi ‘kajeun tutumpuran’
    Sanés mengpeng ngora keneh tapi ‘meungpeung ngora kénéh’
    Sanés mengpeng urang can batian tapi ‘meungpeung urang can batian’
    Hatur nuhun, wassalam.

    BalasHapus
  2. Punten koréksi lagu Sariak Layung
    Sanés kumalangpang tapi ‘kumalangkang’ asalna tina kecap kalangkang
    Sanés ka tanjakan tapi ‘na tanjakan’
    Hatur nuhun, wassalam.

    BalasHapus
  3. Punten koréksi lagu Sariak Layung
    Sanés kumalangpang tapi ‘kumalangkang’ asalna tina kecap kalangkang
    Sanés ka tanjakan tapi ‘na tanjakan’
    Hatur nuhun, wassalam.

    BalasHapus
  4. Punten aya koréksi lagu talak tilu
    Sanés ceurik ati ditambelakan tapi ‘ceurik ati ditambélarkeun’
    Sanés indit soré tulunyungna subuh tapi ‘indit soré kurunyungna subuh’
    Sanés kajen tutumpuran tapi ‘kajeun tutumpuran’
    Sanés mengpeng ngora keneh tapi ‘meungpeung ngora kénéh’
    Sanés mengpeng urang can batian tapi ‘meungpeung urang can batian’
    Hatur nuhun, wassalam.

    BalasHapus
  5. Punten, gaduh lagu gedong panjang?
    Pami aya mp3 na, nuhun

    BalasHapus
  6. Sae kang hatur nuhun katampi pisan

    BalasHapus